HUT Kemerdekaan RI

CONTOH Pidato Sambutan Ketua Panitia 17 Agustus HUT ke-78 RI dalam Bahasa Indonesia, Sunda dan Jawa

Dalam rangka merayakan peringatan Kemerdekaan Indonesia, sepanjang Agustus setiap desa akan melaksanakan banyak acara

Editor: dedy herdiana
tribun
Contoh Pidato Sambutan Ketua Panitia 17 Agustus HUT ke-78 RI dalam Bahasa Indonesia, Sunda dan Jawa 

Sholawat sinareng salam mugia tetep dilelerkeun ka junjungan urang sadaya, nyatana Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina ka para sahabat ka para tabi'in oge tabiat, tur mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Hadirin Rahimakumullah,

Dina kesempatan anu endah ieu simkuring bade ngadugikeun biantara perkawis Peranan Generasi Ngora dina Raraga Ngeusi Kamerdekaan.

Indonesia bisa merdeka teh lain pamere ti Belanda, lain oge pamere ti Jepang, Portugal atawa Inggris. Indonesia bisa merdeka ku kuat na rasa persatuan jeung kesatuan sakabeh rakyat Indonesia.

Sabab lamun rek dipikiran, kabeh penjajah alat-alat perang na caranggih, taktik perang na oge jitu, eleh lamun dibandingkeun rakyat Indonesia anu ngandelkeun bambu runcing. Tapi kunaon bet Indonesia bisa ngelehkeun sakabeh penjajah?

Ukur rasa persatuan jeung kesatuan anu bisa ngabangkitkeun semangat ngalawan penjajah. Hirup di jaman penjajah mah sangsara, sare teu tibra, dahar saaya-aya. Ku alatan eta rakyat Indonesia ngahiji ngalawan penjajah ngarah menang kamerdekaan.

Ayeuna urang hirup genah tumaninah, sare tibra, dahar ngeunah, ieu teu leupas ti jasa para pahlawan baheula.

 
Kukituna urang boga tanggung jawab pikeun neruskeun kamerdekaan ieu sangkan ulah aya nu ngajajah deui ka nagara urang.

Carana kumaha? Teu kudu perang atau nyekeutan bambu runcing, cukup ku tanggung jawab kana diri. Lamun pelajar sing getol diajar, ulah kabita ku mabok atau narkoba sabab perkara-perkara nu kitu nu bakal ngaruksak generasi ngora teh.

Pikeun generasi ngora nu bakal mimpin ieu negri, ti ayeuna persiapkeun diri aranjeun ku cara rajin diajar jeung ngaji elmu agama. Ulah kabawa ku pergaulan jaman ayeuna nu matak ngaruksak.

Siar pangalaman salain sakola, di ajar bisnis, latihan keterampilan anu pas jeung minat. Ulah loba teuing ulin di sosial media anu bisa mohokeun kana waktu ibadah, Gunakeun sosial media pikeun hal anu manfaat.

Panginten sakitu nu tiasa kapihatur, hapunten tina samudaya kalepatan.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Demikian beberapa contoh sambutan ketua panitia 17 Agustus di desa dalam bahasa Jawa, Sunda dan Indonesia untuk referensi.

Sumber Kompas.TV

Sumber: Kompas TV
Halaman 4/4
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved